Lirik Lagu Ditumarimakeun - Ade Astrid

Nyaluuh dina rangkulan peuting
Poek peuting nu jadi mareungan
Ka hariwang kiwari geus ngalangkangan
Risi ka asih keuna ku bisi

Ragu nu kiwari beuki karasa
Gundah hese lesot dina raga
Geuning urang geus beda jugjugan
Dipisahkeun ku kanyataan

Reff:

Najan hate mah masih gede duriat
Cinta nu geugeut geus teu bisa di paksakeun
Tapi mun enyana urang kudu paturay
Mereun geus kudu di tumarimakeun

Nasib anu geus kasorang ku diri
Ngan ukur bisa pasrah ka mantena
Carita duriat anu kamari
Tina asih kalah nambahan kapeurih

#Credits

Judul : Ditumarimakeun
Voc : Ade Astrid
Cipt : A Nda
Arr : A Nda

Lorok™Saya hoby mengisi waktu luang dengan ngeblog. Situs saya diantaranya : loroktm.com situs dengan konten electronic dan seputaran Pacitan. bestliriklagu.com situs dengan konten kumpulan lirik lagu terbaru dan terbaik.