Lirik Lagu Anggur Hideung - Silvi Risviani

Ukur anjeun nu di dagoan harita
Ukur anjeun nu di picinta harita
Suganteh arek satia
Hanas tigin mikacinta
Saeutik kuring teu nyangka
Anjeun tega sulaya

Anggur hideung panglumpatan harita
Anggur hideung nu mepende harita
Teu malire kana nyawa
Raga ku kuring di siksa
Dina geulas inuman
Kagambar diri anjeun
Jongjon miheman

Anggur hideung panglumpatan harita
Asa tungkeb bumi alam harita

Reff:

Leungit rasa kanyeri
Ku anggur hideung saliwat
Poho kana kuciwa
Ku anggur hideung saliwat

Poho dulur poho baraya
Poho kadiri sorangan
Pangaruhna si anggur hideung
Kana pikir matak balueung

#Credits:

Judul : Anggur Hideung
Voc : Silvi Risviani
Cipt : Wantika
Arr : Adi Gunawan

Lorok™Saya hoby mengisi waktu luang dengan ngeblog. Situs saya diantaranya : loroktm.com situs dengan konten electronic dan seputaran Pacitan. bestliriklagu.com situs dengan konten kumpulan lirik lagu terbaru dan terbaik.