Lirik Lagu Pukah - Neng Syelfi Oktora

Satadina sugan téh moal rék cidra
Boro betah mika nyaah mika cinta
Ka manéhna kuring geus asa miboga
Geuning asih téh lain nu kuring
Katresna gancang luncatna milih nu lian

Diri kuring ibarat cukang wahangan
Dipaké meuntas pikeun nyorang paniatan
Batin sedih duh nyeri kaliwat saking
Peurih asa diturih ku hinis
Asa ditirug jajantung ngalanglayung

Anjeun datang deui
Sanggeus meunang kanyeri
Tapi haté teu narima
Kanyeri asa can bari
Bongan anjeun tega ngulinkeun rasa kacinta

Asih nu mimiti
Pukah teu puguh salah
Pegat beurat duriat
Anjeun mah jongjon mihéman

#Credits:

Judul : Pukah
Voc : Syelfy Oktora
Cipt : Wantika

Lorok™Saya hoby mengisi waktu luang dengan ngeblog. Situs saya diantaranya : loroktm.com situs dengan konten electronic dan seputaran Pacitan. bestliriklagu.com situs dengan konten kumpulan lirik lagu terbaru dan terbaik.