Lirik Lagu Ngantosan - Susi
Di ganggayong kahariwang nenggang
Di talikung liwung gandrung
Di kukuntit ku karisi inggis
Teu pasini jalir jangji
Piraku lali waktos kamari
Asih urang cinta urang
Galeuh kadeudeuh geus maneuh
Teu beunang di papalerkeun duh
Reff:
Naha salira atuh kamana
Lebeng teu aya wartosna
Naha salira atuh kamana
Diantos antos ngampleng
Reup peuting ka impi impi
Bray beurang kabayang bayang
Ngalangkang dina lamunan
Palias mung katambias
Nogencang ambon sorangan
Lieuk deui lieuk deui
Ngantosan salira sumping
#Credits:
Judul : Ngantosan
Voc : Susi Susanti
Cipt : Udin Syamsudin
Arr : Si CS