Lirik Lagu Jangji Kamari - Nina

Pupusna hareupan dedeuh cinta urang
Firasat aya nu lian
Anjeun mah sulaya pinuh sandiwara
Boa anjeun pindah rasa

Kungsi matri jangji satia saati
Mugia sing paheut deui
Hate nu honcewang waas neteup bulan
Estu ngantos anjeun mulang

Akang sing percaya eneng mah satia
Tuh bulan bentang saksina
Najan anggang raga kahalang sagara
Mung anjeun nu di picinta

Jangji nu kamari teu kungsi kaganti
Pageuh teu laas ku wanci
Tebih dina soca mung cakeut di du'a
Cinta urang salamina

Mana jangji akang nu baheula
Mana sumpah engkang nu bihari
Hanas abdi nganti siang wengi
Horeng ngan ukur mere hareupan

Luhurna gunung moal matak jadi kabendung
Lega sagara teu bisa megatkeun rasa
Eta jangji eneng sautuhna
Tuh bulan saksina tuh bentang saksina
Sumpah jangji dugi ka ahir dunya

Reff:

Tuh bulan saksina mawa beja
Asih urang geuning di tungtung carita
Bentang teu nyarengan
Ninggalkeun hate nu melang
Ukur ka anjeun diri neundeun hareupan

Duh mugi gusti kiatkeun diri
Tali asih urang sing janten ngahiji
Najan lobana gogoda tumiba ka diri
Ukur anjeun nu jadi cinta sajati

#Credits:

Judul : Jangji Kamari
Voc : Nina Ayu Susanti
Cipt : Ricky JR
Prod : Si CS

Lorok™Saya hoby mengisi waktu luang dengan ngeblog. Situs saya diantaranya : loroktm.com situs dengan konten electronic dan seputaran Pacitan. bestliriklagu.com situs dengan konten kumpulan lirik lagu terbaru dan terbaik.