Lirik Lagu Ibarat Raheut - Ina Salsa
Ibarat raheut
Nu geus kabeungkeut
Natrat ngagurat
Teu laas peurih teu raat
Lir kacapuri nurihan ati
Na sanubari nyeseuit teu eurih eurih
Rasa kuciwa
Nu nyaliara dina jero dada
Naha bet hese pohona
Kasuat suat anteng ngaliwat
Ngabalebat nu matak nyieun tibelat
Saliwatan deudeuhna masih karasa
Ngagupayan tali tresna nu baheula
Naha bet potret manehna nu masih aya
Padahal mah anjeun geus lain sasaha
Tumarima kana qadar nu kawasa
Beuki dieu beuki beurat gogodana
Asih nu teu ilang ilang dina dada
Na kumaha pikeun mapalerkeunnana
#Credits:
Judul : Ibarat Raheut
Voc : Ina Salsa
Cipt : Rivan Darul Fadly
℗ & © Sembada Music