Lirik Lagu Kapaut Imut - Silvi Risviani

Nya didieu naha hate geus ka paut
Nu teu pira salira nenggorkeun imut
Ngadak ngadak jadi benten raraosan
Hate ratug cacakan tepang dadakan

Nya ayeuna kapentang panah asmara
Sorot soca sinar cinta tembus rasa
Gurilapna lir inten pinuh permata
Haté ngangkleung kabawa imut salira

Reff:

Najan tepung harita ukur salangkung
Kapidangdung gandrung liwung ngalanglayung
Aduhhh kieu rasana kagémbang
Hayang néang hayang nganjang
Mustika kembang kamelang

Najan tepung harita ukur salangkung
Kapidangdung gandrung liwung ngalanglayung
Aduhhh kieu rasana kagémbang
Hayang néang hayang nganjang
Mustika kembang kamelang

#Credits:

Judul : Kapaut Imut
Voc : Silvi Risviani
Cipt : U Suwarna

Lorok™Saya hoby mengisi waktu luang dengan ngeblog. Situs saya diantaranya : loroktm.com situs dengan konten electronic dan seputaran Pacitan. bestliriklagu.com situs dengan konten kumpulan lirik lagu terbaru dan terbaik.