Lirik Lagu Peurih - Syelfi Oktora

Jalan pikir urang geus teu sahaluan
Katresna kapeungkas ku cinta nu lian
Endah carita katukang
Teu jadi beungberat rasa kasalira

Bentang nu sasarina weleh nyarengan
Kiwari ilang cahyana lir nonggongan
Geuningan kieu buktina
Anjeun nyidraan jangjina
Lamun rek kieu ahirna
Na kunaon harita bet keudal cinta

Cekap kapeurihna
Urang taya guratan jodona

Kadeudeuh kaasih
Kiwari dipulang peurih
Anjeun tega tur milih anjeunna

Harepan nu urang
Tuh ahirna teu kasorang
Anjeun jalir duh jungjunan

Meulit na emutan
Betah na lamunan
Duriat urang nu kedah pepegatan
Kembang cinta urang
Gedag kaanginan musnah ilang

Nampi abdi gusti
Najan peurih ati
Dalah kumaha ieu nu jadi putusan
Jodo jeung maotna
Bungah jeung sedih na
Wenang ti mantena

Lorok™Saya hoby mengisi waktu luang dengan ngeblog. Situs saya diantaranya : loroktm.com situs dengan konten electronic dan seputaran Pacitan. bestliriklagu.com situs dengan konten kumpulan lirik lagu terbaru dan terbaik.