Lirik Lagu Atos Ah - Ade Astrid

Atos ah
Lengkah urang anu salah
Lesotkeun rasa kanyaah
Antara kuring jeung anjeun
Ukur sasamet deungeun
Angguran mah geura sideum
Tong seer nu dipisangeum

Meningan singhareupan mangsa datang
Sugan we bagja kasorang
Antawis urang jeung urang
Najan pada mika hayang
Guratna lain jodona
Lain jodona

Wayahna sing tumarima

Reff:

Karasana memang perih
Kana batin oge sedih
Tapi dalah dikumaha
Urang teu bisa kumaha
Gening ukur nambahan dosa

Lintang silih ridhokeun
Lintang silih lubarkeun
Antara kuring jeung anjeun
Ukur sasamet deungeun
Deudeuh anu baheula tos nyangreud
Ayena urang lepaskeun

Hampura
Kuring hampura
Kasalira
Ku mawantun mikacinta

#Credits:

Judul : Atos Ah
Voc : Ade Astrid
Cipt : Wantika
Arr : Gerengseng Team

Lorok™Saya hoby mengisi waktu luang dengan ngeblog. Situs saya diantaranya : loroktm.com situs dengan konten electronic dan seputaran Pacitan. bestliriklagu.com situs dengan konten kumpulan lirik lagu terbaru dan terbaik.