Lirik Lagu Girimis Munggaran - Gitta Fitria
Girimis munggaran
Sabada katiga panjang
Marengan turun halimun
Di mumunggang gunung
Girimis munggaran
Nyiram bumi nu hanaang
Katiga pungkas lekasan
Di pasir lalareun
Ret ka kaler majalaya
Teu atra lebah lebahna
Mayakpak girimis bodas
Estu nambihan ka waas
Ras ka diri nu ka sarung
Kasorangna pileumpangan
Rumasa geus ka samaran
Ku asih nu saliwatan
Girimis kaheman
Nyiram tresna nu muguran
Mungkas hiji panghareupan
Di pasir lalareun
#Music
Girimis munggaran
Sabada katiga panjang
Marengan turun halimun
Di mumunggang gunung
Girimis munggaran
Nyiram bumi nu hanaang
Katiga pungkas lekasan
Di pasir lalareun
Ret ka kaler majalaya
Teu atra lebah lebahna
Mayakpak girimis bodas
Estu nambihan ka waas
Ras ka diri nu ka sarung
Kasorangna pileumpangan
Rumasa geus ka samaran
Ku asih nu saliwatan
Girimis kaheman
Nyiram tresna nu muguran
Mungkas hiji panghareupan
Di pasir lalareun