Lirik Lagu Kabandang - Friska (Cucun Z)
Ah naha ka saha
Anjeun imut nenggorkeun rasa
Duh estu ku bagja
Mun diri ngajadi panutanana
Ah kapentang rasa
Waktos urang munggaran tepang
Duh diri rumasa
Geus neundeun tresna asih ka salira
Diri ngan ukur bati hanjelu
Kainggis salira aya nu boga
Palaur miasih teu tinekanan
Harepan ngan ukur kantun lamunan
Anu kacipta rasa kasono
Tambih kangen siang wengi ka salira
Saupamina lami teu tepang
Hate leuwang honcewang pinuh kamelang
Kedah kumaha mapalerkeuna
Pami hate weleh miheman ka salira
Diri migandrung salalamina
Munggah sesah diri mopohakeuna
Sanajan urang teh tacan pasini
Wanoh ge ukur saliwat
Geuningan kieu rasana kabandang
Ku diri salira
#Music
Ah naha ka saha
Anjeun imut nenggorkeun rasa
Duh estu ku bagja
Mun diri ngajadi panutanana
Ah kapentang rasa
Waktos urang munggaran tepang
Duh diri rumasa
Geus neundeun tresna asih ka salira
Diri ngan ukur bati hanjelu
Kainggis salira aya nu boga
Palaur miasih teu tinekanan
Harepan ngan ukur kantun lamunan
Anu kacipta rasa kasono
Tambih kangen siang wengi ka salira
Saupamina lami teu tepang
Hate leuwang honcewang pinuh kamelang
Kedah kumaha mapalerkeuna
Pami hate weleh miheman ka salira
Diri migandrung salalamina
Munggah sesah diri mopohakeuna
Anu kacipta rasa kasono
Tambih kangen siang wengi ka salira
Saupamina lami teu tepang
Hate leuwang honcewang pinuh kamelang
Kedah kumaha mapalerkeuna
Pami hate weleh miheman ka salira
Diri migandrung salalamina
Munggah sesah diri mopohakeuna
Sanajan urang teh tacan pasini
Wanoh ge ukur saliwat
Geuningan kieu rasana kabandang
Ku diri salira