Lirik Lagu Prameswari Ati - Abiel Jatnika
Pasini anu kamari
Pasang subaya dinten ayeuna
Beber layar tarik jangkar
Muru pulau ka bagja
Salira lir malati asri
Prameswari keur ieu diri
Nu di kukuntit ti bihari
Kiwari ngajatukrami
Langit bengras juni kaping dua belas
Ayang ayang gung dibale nyungcung
Dinten ieu dinten kabagjan
Disaksi ku kada wargi sadayana
Simpay asih melitna jariji
Tanda ning patali jangji na dinten suci
Pupuja ning ati
Duh mung salira sahiji
Langit bengras juni kaping dua belas
Ayang ayang gung dibale nyungcung
Dinten ieu dinten kabagjan
Disaksi ku kada wargi sadayana
Simpay asih melitna jariji
Tanda ning patali jangji na dinten suci
Pupuja ning ati duh
Duh mung salira sahiji