Lirik Lagu Hikmah Diri - Fanny Sabila

Mungguh aturan pangèran
Susah senang pasti datang
Èta hiji bagèan
Nu moal bisa di hadang

Naon anu karandapan
Na lalakon kahirupan
Kapeurih kanyeurian
Dina awal pang inditan

Lamun di pikir matak gering kana batin
Sagala tarèkah nu di lakonan
Tapi kunaon gening buktina
Kitu salah kieu lain

Mungguh teu gampang
Metik hasil perjuangan
Iwal ti sabar pinuh kayakinan
Da gening bukti keur hikmah diri
Milik teu pa hili hili

Sujud sukur ka pangèran
Tina rupi kanikmatan
Jeung ka bagjaan

Lorok™Saya hoby mengisi waktu luang dengan ngeblog. Situs saya diantaranya : loroktm.com situs dengan konten electronic dan seputaran Pacitan. bestliriklagu.com situs dengan konten kumpulan lirik lagu terbaru dan terbaik.