Lirik Lagu Cinta Nu Lian - Surya Fajar

Teu weleh ngalangkung
Teu kendat ngalangkang
Kana pikir matak bingung
Boa cinta anu datang

Gening leres ieu cinta
Rasa cinta kasalira
Teu beunang di ulah ulah
Oge dihalang halang

Memang lepat tapi teu salah
Pami lepat naon lepat na
Da bongan na kieu gurat na
Takdir kuring micinta salira

Namung cinta kuring
Kahalang cinta nu lian
Nu akhirna sesah kedal
Jeung sesah hilapna

Lorok™Saya hoby mengisi waktu luang dengan ngeblog. Situs saya diantaranya : loroktm.com situs dengan konten electronic dan seputaran Pacitan. bestliriklagu.com situs dengan konten kumpulan lirik lagu terbaru dan terbaik.