Lirik Lagu Lalakon Hirup - Adryan Damaputra

LOROKTM.COM - Berikut ini lirik lagu Lalakon Hirup yang dinyanyikan oleh Adryan Damaputra.

Lagu ini dirilis di YouTube Sembada Music.

Simak lirik Lalakon Hirup - Adryan Damaputra selengkapnya.

Mawa diri dina nyorang kahirupan
Naha pinuh ku gogoda
Kana ati peurih
Asa bingung pipikiran
Gusti nu agung
Neda pitulung

Asa anéh mikiran polah manusa
Komo boga rasa ngéwa
Hayang puas hate
Ngakalan satékah polah
Najan tugenah
Diri sumerah

Ceunah hirup di dunya ukur tunggara
Asal pageuh gumantung kanu kawasa
Najan diri nyeri peurih nu karasa
Lahaola ka gusti urang ngadu'a

Tumarima kana qadar nu kawasa
Anu murbéng alam dunya
Najan pikir linglung
Muntang éling kanu agung
Moal cangcaya
Bakal laksana

Ceunah hirup di dunya ukur tunggara
Asal pageuh gumantung kanu kawasa
Najan diri nyeri peurih nu karasa
Lahaola ka gusti urang ngadu'a

Mawa diri dina nyorang kahirupan
Naha pinuh ku gogoda
Kana ati peurih
Asa bingung pipikiran
Gusti nu agung
Neda pitulung

Itulah lirik lagu Adryan Damaputra yang berjudul Lalakon Hirup, ciptaan Hendy Restu / Webby Restu.

Lorok™Saya hoby mengisi waktu luang dengan ngeblog. Situs saya diantaranya : loroktm.com situs dengan konten electronic dan seputaran Pacitan. bestliriklagu.com situs dengan konten kumpulan lirik lagu terbaru dan terbaik.