Lirik Lagu Kokosodan Gogoleran - Silvi Risviani

Kokosodan gogoleran
Anak hayam reang wae
Kokosodan gogoleran
Kahayang teu ka sorang wae

Ehh ehh ehh ehh
Kokosodan gogoleran
Cai cai kopi kopi
Peuperih di leuet moal
Calik calik sareng abdi
Peuperih pacaket moal

Sapanjang jalan soreang
Moal weuleh di aspalan
Sapanjang tacan ka sorang
Moal weuleh di akalan

Ehh ehh ehh ehh
Kokosodan gogoleran
Aya listrik di masigit
Caang na ka mana mana
Aya istri jangkung alit
Geulis na ka bina bina

Lain lain daun awi
Leunca bereum di tawuran
Lain lain bagja diri
Bagja deungen di bageuran

Ehh ehh ehh ehh
Kokosodan gogoleran
Ka baros jalan ka lembang
Meser bensin di kalengan
Sanaos urang pa anggang
Batin teteup sasarengan

Abdi alim ka bayongbong
Tumpak kuda sieun ti guling
Abdi alim di pi bohong
Rajet hate sok sieun gering

Ehh ehh ehh ehh
Kokosodan gogoleran
Sugan teh ku kupu hideung
Sing horeng si rama rama
Sugan teh ku mitineung
Sing horeng ka mana mana

Kokosodan gogoleran
Anak hayam reang wae
Kokosodan gogoleran
Kahayang teu ka sorang wae

Ehh ehh ehh ehh
Kokosodan gogoleran
Cai cai kopi kopi
Peuperih di leuet moal
Calik calik sareng abdi
Peuperih pacaket moal

Sapanjang jalan soreang
Moal weuleh di aspalan
Sapanjang tacan ka sorang
Moal weuleh di akalan

Ehh ehh ehh ehh
Kokosodan gogoleran
Aya listrik di masigit
Caang na ka mana mana
Aya istri jangkung alit
Geulis na ka bina bina

Lorok™Saya hoby mengisi waktu luang dengan ngeblog. Situs saya diantaranya : loroktm.com situs dengan konten electronic dan seputaran Pacitan. bestliriklagu.com situs dengan konten kumpulan lirik lagu terbaru dan terbaik.