Lirik Lagu Baluweng - Neng Syelfi Oktora
Duh peurih rasana
Beubeureuh mungkas deudeuhna
Naha naon kasalahan diri
Anjeun kacida kuluas
Geuning ka asih di pungkas
Asa tungkeb bumi alam
Duh raheut gudawang
Asa diteungteuinganan
Anjeun sakiceup mere harepan
Nu puguh mah ngageringan
Gering hate papanjangan
Naon piubareun nana
Ret kalangit
Bentang ngadadak laleungit
Komo bulan taya embol nembongan
Taya pikeun piubareun
Ubar hate nu baluweng
Duh hate baluweng
#Credits:
Judul : Baluweng
Voc : Neng Syelfi Oktora
Cipt : Oon B
Arr : Adi Gunawan