Lirik Lagu Tong Di Guar Deui - Chandra Ican
Anjeun nu tos ngararajet
Kana hate jeung raga kuring
Ayena anjeun datang deui
Cerik menta balikan deui
Kanyeri ieu hate moal kaganti
Sanajan aya kedal pang hampura
Lir ibarat hate geus anu teu puguh rupa
Cinta anjeun nu mawa tunggara
Tos teu kedah rek di guar deui
Carita nu kalampah ku urang duaan
Anjeun nu mopohokeun kana jangji nu pasini
Kiwari ukur nganyenyeri
Anjeun datang sangkan ngayakinkeun diri
Hampura kuring geus kaliwat nyeri
Anggur mah urang silih doakeun
Kuring geus moal bisa narimakeun anjeun
#Credits:
Judul : Tong Di Guar Deui
Voc : Chandra Ican
Cipt : Kang DK
Arr : Agus Little