Lirik Lagu Eling Pabuburit - Nina
Di pikir di bulak balik
Kuring hirup teh geus lila
Tapi loba salah tincak
Malahan can tumarima
Di dunya hirup ngumbara
Teu nyaho nu sabenerna
Tunggul di rarung catang di rumpak
Hirup lamokot ku dosa
Kuring eling pabuburit
Kaduhung na mah ayeuna
Ibadah og can bisa
Amal og acan boga
Duh gusti nu maha agung
Mugi pituduh ka abdi
Abdi sumujud ka gusti
Ampun gusti
#Credits:
Judul : Eling Pabuburit
Voc : Nina
Cipt : Kang Darso
Arr : Ahmad & Si CS
℗ & © Gasentra Pajampangan