Lirik Lagu Budak Jalanan - Silvi Risviani
Ceuk batur mah kuring téh budak jalanan
Gawé ukur ngamén dina kandaraan
Sabenerna haté ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka dimana
Mun panas kapanasan
Mun hujan kahujanan
Mun reup peuting ngadon saré di émpéran
Da puguh hirup di jalan
Henteu boga patempatan
Pikeun pangbalikan
Timana timana atuh timana
Diri kuring timana atuh asalna
Kumaha kumaha atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya allah paparin abdi pituduh
Na dimana kolot abdi téh ayana