Lirik Lagu Ulah Ceurik - Nazmi Nadia Feat Krishna Sagara
Cag didieu cag semet dieu
Lalakon cinta nu urang
Teb antebkeun tong diguar deui
Carita cinta nu pegat
Najan kagandrung sagunung
Najan duriat sajagat
Kadeudeuh nu nyanggreud pageuh
Akhirna urang papisah pisah
Rek ka saha rek ka urang mana
Geura milari gentosna
Cig ka kidul cig ka kaler
Ngulon ngetan moal nyaram
Tos teu aya kakaitan
Antara urang duaan
Lain anjeun lain abdi
Urang geus lain lainna lain
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten duda
Abdi pasrah jadi randa
Da kieu geuning kuduna
Urang teu bisa kumaha
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna urang papegat
Najan hate masih beurat
Pileuleuyan pileuleuyan
Hampura abdi hampura
Rek ka saha rek ka urang mana
Geura milari gentosna
Cig ka kidul cig ka kaler
Ngulon ngetan moal nyaram
Tos teu aya kakaitan
Antara urang duaan
Lain anjeun lain abdi
Urang geus lain lainna lain
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten duda
Abdi pasrah jadi randa
Da kieu geuning kuduna
Urang teu bisa kumaha
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna urang papegat
Najan hate masih beurat
Pileuleuyan pileuleuyan
Hampura abdi hampura
#Credits:
Judul : Ulah Ceurik
Voc : Nazmi Nadia ft. Krishna Sagara
Cipt : Yana Kermit / Oon B
Arr : Bandung Music