Lirik Lagu Stasion Bandung - Ade Astrid

Basa urang paturay
Wengi eta di stasion bandung
Anjeun ngarangkul pageuh
Cimata maseuhan na dada

Dina kaca jandela
Gugupay salira pinuh kamelang
Hate leutik teu wasa
Dikantun anjeun panutan

Di stasion bandung
Urang kungsi mengkeut asih
Janji urang pasini
Moal ingkar moal rek sulaya

Di stasion bandung
Bulan nu jadi saksi na
Cinta urang duaan
Pinuh asih pinuh ku kaheman

Stasion bandung mawa harepan
Stasion bandung tinggal lamunan
Stasion bandung

Lorok™Saya hoby mengisi waktu luang dengan ngeblog. Situs saya diantaranya : loroktm.com situs dengan konten electronic dan seputaran Pacitan. bestliriklagu.com situs dengan konten kumpulan lirik lagu terbaru dan terbaik.